kaca

Senin, 18 Juni 2012

Ringkeusan Sanghyang Sasana Maha Guru

Sanghyang Sasana Maha Guru

 
Sanghyang Sasana Maha Guru téh nyaéta naskah Sunda Kuna nu kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI kalayan nomor koléksi L 621 peti 15. Eusi naskah téh ngawengku 49 bab ngeunaan konsép-konsép kaagamaan Sunda Kuna katut aturan-aturan anu kudu dilaksanakeun ku nu ngarabdi kana hukum (Sang Séwaka Darma). Ieu naskah ogé ngandung gambaran anu écés ngeunaan kapercayaan jeung étika anu lumaku di masyarakat Sunda kira abad ka-16.
Ditulis dina daun lontar anu ukuranna 34, 3 cm x 3 cm. Kandelna naskah aya 36 lempir atawa 72 kaca. Lempir kaopat bagian recto henteu ditulisan. Jadi, ngan aya 71 kaca nu ditulisan mah. Awal téks dimimitian dina lempir kaopat verso. Unggal lempirna ngandung 4 baris tulisan, iwal lempir 39 recto nu ngan ngandung 3 jajar tulisan. Di sisi naskahna aya nomor asli ti pangarang maké angka Sunda-Kuna ti nomor 1 nepi ka 34. Aksara nu digunakeun nyaéta aksara Sunda Kuna nu ditulis ku cara digurat ku péso pangot. Basa nu digunakeunana nyaéta basa Sunda Kuna, jeung di sawatara bagian naskah ogé ngagunakeun basa Jawa Kuna jeung basa Sanskreta. Struktur basa dina téks Sanghyang Sasana Maha Guru kacida deukeutna jeung basa nu digunakeun dina téks Sanghyang Siksa Kandang Karesian jeung Sanghyang Hayu. Naskah ditulis dina wangun prosa.

Asal Naskah             

Numutkeun Laporan Kepurbakalaan Krom, ieu naskah téh kaasup kana koléksi koropak Bandung, paméré ti Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah IV dina jero abad ka 19 katompérnakeun. Jigana Bupati Bandung meunangkeun naskah ti wewengkon kabuyutan anu aya di Tatar Sunda.

Ringkesan Eusi Naskah

Anu nulis naskah buhun ieu téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan. Pangeran Jaya Pakuan boga landihan Bujangga Manik,dicaritakeun yén anjeunna baris ninggalkeun ambuna pikeun ngumbara ka arah wétan. Anjeunna pohara taliti dina nyaritakeun lalampahanana.
Bujangga Manik mitembeyan lalampahan kahijina ngaliwatan wewengkon Puncak. Waktu Bujangga Manik leumpang nanjak ka wewengkon Puncak, anjeuna reureuh heula, diuk, ngipasan awak sarta nempokeun kaéndahan alam hususna Gunung Gedé, disebut ku anjeunna sabagé titik pangluhurna nu aya di dayeuh Pakuan (ibukota Karajaan Sunda).
Ti Puncak, anjeunna neruskeun lalampahan nepi ka meuntas Cipamali (ayeuna mindeng disebut Kali Brebes ) pikeun asup ka wewengkon Jawa. Di wewengkon Jawa anjeunna mapay-mapay patempatan anu kawengku ku Majapait. Patempatan anu kawengku ku karajaan Demak (alas Demak) ogé kaliwatan. Sadatang di Pamalang, Bujangga Manik nineung ka ambuna sarta buleud haté pikeun balik. Tapi dina mangsa ieu, anjeunna leuwih milih jalan laut nyaéta naék kapal anu datang ti Malaka. Kasultanan Malaka mimiti pertengahan abad ke-15 nepi ka ditalukkeunna ku Portugis ngawasa perdagangan di laut.
Miangna kapal ti darmaga digambarkeun kawas upacara pésta bedil ditémbakkeun tujuh kali, pakakas musik ditabeuh, sawatara lagu ditembangkeun kalayan tarik ku awak kapal; bahan-bahan anu nyusun kapal ogé diwincik ku Bujangga Manik; aya awi gombong jeung awi nyowana. Bahan tina hoé ogé aya rupa-rupa, hoé muka, hoé omas jeung hoé walatung. Tihang kapal dijieun tina kai laka. Bujangga Manik ogé helok ningali awak kapal anu asalna ti réa sélér.
Lalampahan ti Pamalang ka Sunda Kalapa, palabuhan Karajaan Sunda, dilayaran sajero waktu satengah bulan, anu méré gambaran yén kapal anu ditumpakan téh nyimpang ka sababaraha patempatan nu aya diantara Pamalang jeung Kalapa. Tina palayaran kasebut, Bujangga Manik nyieun ngaran landihan séjénna nyaéta Ameng Layaran.
Ti Sunda Kalapa, Bujangga Manik ngaliwatan Pabéyaan sarta neruskeun lalampahan ka karaton di Pakuan, di bagian kidul dayeuh Bogor kiwari. Bujangga Manik asup ka Pakancilan, terus asup ka balé réncéng (paviliun) anu diréka-réka (didekorasi) sarta tuluy diuk di dinya. Bujanga Manik nempo ambuna keur ninun. Ambuna kagét jeung bungah nempo anakna mulang. Anjeunna geura-giru ninggalkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyingkabkeun sawatara kasang carita (hordéng) nu aya rarawisanna, sarta unggah kana ranjang. Ambuna Bujangga Manik nyiapkeun pangbagéa ka anakna, nyokot sabaki seupaheun, mérésan rambut, sarta maké kaén mahal. Anjeunna terus turun tina ranjang, kaluar ti imah, nuju ka balé réncéng sarta ngabagéakeun anakna. Bujangga Manik nampa seupaheun anu disuguhkeun ku ambuna.
Dina bagian saterusna, dicaritakeun ngeunaan putri Ajung Larang Sakéan Kilat Bancana. Emban Jompong Larang ninggalkeun kadaton, meuntasan Cipakancilan sarta datang ka karaton Bujangga Manik. Di karaton kasebut Jompong Larang paamprok jeung Bujangga Manik. Jompong Larang kataji pisan ku Bujangga Manik.
Samulangna ka kadaton, Jompong Larang manggihan putri Ajung Larang anu pareng keur riweuh ninun. Sang putri ngabogaan ebun Cina beunang ngimpor ti mancanagara, nempo Jompong Larang anu geura-giru, naék ka manggung sarta saterusna diuk di gigireun sang putri. Putri nanyakeun talatah naon anu dibawana; Jompong Larang ngomong yén manéhna nempo lalaki anu pohara kasép, sabanding pikeun putri Ajung Larang. Manéhna nyaritakeun yén Ameng Layaran leuwih kasép batan Banyak Catra atawa Silih Wangi, atawa ponakan sang putri, atawa saha waé. Leuwih ti éta, lalaki éta singer nyieun karya sastra dina daun nipah sarta bisa basa Jawa. Putri Ajung Larang langsung ngarasa kapentang asmara. Anjeunna saterusna ngeureunkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyiapkeun hadiah pikeun Bujangga Manik ti mimiti seupaheun jeung perhiasan sarta barang nu éndah lianna kalayan ati-ati. Putri ogé ngahadiahkeun rupa-rupa parfum ti mancanagara anu pohara mahalna, baju katut keris anu éndah.
Ambuna Bujangga Manik ngadesek anakna pikeun nampa hadiah ti putri Ajung Larang, saterusna ngagambarkeun kageulisan putri sarta pujian séjénna. Ambuna Bujangga Manik ogé nyarita yén putri bakal sumerah diri ka Bujangga Manik. Saterusna anjeunna ngedalkeun kecap-kecap anu henteu kungsi ditepikeun ku putri Ajung Larang "Kuring baris sumerah diri. Kuring baris nyamber kawas heulang, ngerekeb kawas maung, ménta ditarima jadi kikindeuwan". Ameng Layaran reuwas ngadéngé uucapan ambuna sarta nyebutkeun yén éta téh ucapan larangan (carek larangan) sarta buleud haté pikeun nampik hadiah kasebut. Manéhna ménta ambuna marengan Jompong Larang pikeun mulangkeun hadiah kasebut sarta ngupahan ka putri Ajung Larang. Manéhna leuwih resep hirup nyorangan sarta ngajaga ajaran anu katarima salila lalampahanana ka Jawa, di hiji pasantrén di lamping Gunung Merbabu (anu ku manéhna disebut Gunung Damalung sarta Pamrihan). Pikeun éta pisan Bujangga Manik kapaksa kudu ninggalkeun deui ambuna.
Bujangga Manik nyokot kantong anu eusina buku gedé (apus ageung) sarta siksaguru, ogé iteuk hoé sarta pecut. Manéhna saterusna ngomong yén baris indit deui ka wétan, ka tungtung wétan pulo Jawa pikeun néangan patempatan pikeun jaga manéhna dikuburkan, pikeun néangan "laut pikeun palid, hiji tempat pikeun pupusna, hiji tempat pikeun ngagolérkeun awakna". Kalayan kecap-kecap anu dramatis ieu anjeunna ninggalkeun karaton sarta mitembeyan pangumbaraan panjangna, sarta henteu kungsi balik deui.Bujangga Manik neruskeun lalampahanana ka wétan, nuliskeun réa pisan ngaran patempatan  anu sawaréh masih dipaké nepi ka kiwari.



 Di cutat di wikipedia

Tidak ada komentar: