kaca

Senin, 18 Juni 2012

Ringkeusan Sanghyang Sasana Maha Guru

Sanghyang Sasana Maha Guru

 
Sanghyang Sasana Maha Guru téh nyaéta naskah Sunda Kuna nu kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI kalayan nomor koléksi L 621 peti 15. Eusi naskah téh ngawengku 49 bab ngeunaan konsép-konsép kaagamaan Sunda Kuna katut aturan-aturan anu kudu dilaksanakeun ku nu ngarabdi kana hukum (Sang Séwaka Darma). Ieu naskah ogé ngandung gambaran anu écés ngeunaan kapercayaan jeung étika anu lumaku di masyarakat Sunda kira abad ka-16.
Ditulis dina daun lontar anu ukuranna 34, 3 cm x 3 cm. Kandelna naskah aya 36 lempir atawa 72 kaca. Lempir kaopat bagian recto henteu ditulisan. Jadi, ngan aya 71 kaca nu ditulisan mah. Awal téks dimimitian dina lempir kaopat verso. Unggal lempirna ngandung 4 baris tulisan, iwal lempir 39 recto nu ngan ngandung 3 jajar tulisan. Di sisi naskahna aya nomor asli ti pangarang maké angka Sunda-Kuna ti nomor 1 nepi ka 34. Aksara nu digunakeun nyaéta aksara Sunda Kuna nu ditulis ku cara digurat ku péso pangot. Basa nu digunakeunana nyaéta basa Sunda Kuna, jeung di sawatara bagian naskah ogé ngagunakeun basa Jawa Kuna jeung basa Sanskreta. Struktur basa dina téks Sanghyang Sasana Maha Guru kacida deukeutna jeung basa nu digunakeun dina téks Sanghyang Siksa Kandang Karesian jeung Sanghyang Hayu. Naskah ditulis dina wangun prosa.

Asal Naskah             

Numutkeun Laporan Kepurbakalaan Krom, ieu naskah téh kaasup kana koléksi koropak Bandung, paméré ti Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah IV dina jero abad ka 19 katompérnakeun. Jigana Bupati Bandung meunangkeun naskah ti wewengkon kabuyutan anu aya di Tatar Sunda.

Ringkesan Eusi Naskah

Anu nulis naskah buhun ieu téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan. Pangeran Jaya Pakuan boga landihan Bujangga Manik,dicaritakeun yén anjeunna baris ninggalkeun ambuna pikeun ngumbara ka arah wétan. Anjeunna pohara taliti dina nyaritakeun lalampahanana.
Bujangga Manik mitembeyan lalampahan kahijina ngaliwatan wewengkon Puncak. Waktu Bujangga Manik leumpang nanjak ka wewengkon Puncak, anjeuna reureuh heula, diuk, ngipasan awak sarta nempokeun kaéndahan alam hususna Gunung Gedé, disebut ku anjeunna sabagé titik pangluhurna nu aya di dayeuh Pakuan (ibukota Karajaan Sunda).
Ti Puncak, anjeunna neruskeun lalampahan nepi ka meuntas Cipamali (ayeuna mindeng disebut Kali Brebes ) pikeun asup ka wewengkon Jawa. Di wewengkon Jawa anjeunna mapay-mapay patempatan anu kawengku ku Majapait. Patempatan anu kawengku ku karajaan Demak (alas Demak) ogé kaliwatan. Sadatang di Pamalang, Bujangga Manik nineung ka ambuna sarta buleud haté pikeun balik. Tapi dina mangsa ieu, anjeunna leuwih milih jalan laut nyaéta naék kapal anu datang ti Malaka. Kasultanan Malaka mimiti pertengahan abad ke-15 nepi ka ditalukkeunna ku Portugis ngawasa perdagangan di laut.
Miangna kapal ti darmaga digambarkeun kawas upacara pésta bedil ditémbakkeun tujuh kali, pakakas musik ditabeuh, sawatara lagu ditembangkeun kalayan tarik ku awak kapal; bahan-bahan anu nyusun kapal ogé diwincik ku Bujangga Manik; aya awi gombong jeung awi nyowana. Bahan tina hoé ogé aya rupa-rupa, hoé muka, hoé omas jeung hoé walatung. Tihang kapal dijieun tina kai laka. Bujangga Manik ogé helok ningali awak kapal anu asalna ti réa sélér.
Lalampahan ti Pamalang ka Sunda Kalapa, palabuhan Karajaan Sunda, dilayaran sajero waktu satengah bulan, anu méré gambaran yén kapal anu ditumpakan téh nyimpang ka sababaraha patempatan nu aya diantara Pamalang jeung Kalapa. Tina palayaran kasebut, Bujangga Manik nyieun ngaran landihan séjénna nyaéta Ameng Layaran.
Ti Sunda Kalapa, Bujangga Manik ngaliwatan Pabéyaan sarta neruskeun lalampahan ka karaton di Pakuan, di bagian kidul dayeuh Bogor kiwari. Bujangga Manik asup ka Pakancilan, terus asup ka balé réncéng (paviliun) anu diréka-réka (didekorasi) sarta tuluy diuk di dinya. Bujanga Manik nempo ambuna keur ninun. Ambuna kagét jeung bungah nempo anakna mulang. Anjeunna geura-giru ninggalkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyingkabkeun sawatara kasang carita (hordéng) nu aya rarawisanna, sarta unggah kana ranjang. Ambuna Bujangga Manik nyiapkeun pangbagéa ka anakna, nyokot sabaki seupaheun, mérésan rambut, sarta maké kaén mahal. Anjeunna terus turun tina ranjang, kaluar ti imah, nuju ka balé réncéng sarta ngabagéakeun anakna. Bujangga Manik nampa seupaheun anu disuguhkeun ku ambuna.
Dina bagian saterusna, dicaritakeun ngeunaan putri Ajung Larang Sakéan Kilat Bancana. Emban Jompong Larang ninggalkeun kadaton, meuntasan Cipakancilan sarta datang ka karaton Bujangga Manik. Di karaton kasebut Jompong Larang paamprok jeung Bujangga Manik. Jompong Larang kataji pisan ku Bujangga Manik.
Samulangna ka kadaton, Jompong Larang manggihan putri Ajung Larang anu pareng keur riweuh ninun. Sang putri ngabogaan ebun Cina beunang ngimpor ti mancanagara, nempo Jompong Larang anu geura-giru, naék ka manggung sarta saterusna diuk di gigireun sang putri. Putri nanyakeun talatah naon anu dibawana; Jompong Larang ngomong yén manéhna nempo lalaki anu pohara kasép, sabanding pikeun putri Ajung Larang. Manéhna nyaritakeun yén Ameng Layaran leuwih kasép batan Banyak Catra atawa Silih Wangi, atawa ponakan sang putri, atawa saha waé. Leuwih ti éta, lalaki éta singer nyieun karya sastra dina daun nipah sarta bisa basa Jawa. Putri Ajung Larang langsung ngarasa kapentang asmara. Anjeunna saterusna ngeureunkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyiapkeun hadiah pikeun Bujangga Manik ti mimiti seupaheun jeung perhiasan sarta barang nu éndah lianna kalayan ati-ati. Putri ogé ngahadiahkeun rupa-rupa parfum ti mancanagara anu pohara mahalna, baju katut keris anu éndah.
Ambuna Bujangga Manik ngadesek anakna pikeun nampa hadiah ti putri Ajung Larang, saterusna ngagambarkeun kageulisan putri sarta pujian séjénna. Ambuna Bujangga Manik ogé nyarita yén putri bakal sumerah diri ka Bujangga Manik. Saterusna anjeunna ngedalkeun kecap-kecap anu henteu kungsi ditepikeun ku putri Ajung Larang "Kuring baris sumerah diri. Kuring baris nyamber kawas heulang, ngerekeb kawas maung, ménta ditarima jadi kikindeuwan". Ameng Layaran reuwas ngadéngé uucapan ambuna sarta nyebutkeun yén éta téh ucapan larangan (carek larangan) sarta buleud haté pikeun nampik hadiah kasebut. Manéhna ménta ambuna marengan Jompong Larang pikeun mulangkeun hadiah kasebut sarta ngupahan ka putri Ajung Larang. Manéhna leuwih resep hirup nyorangan sarta ngajaga ajaran anu katarima salila lalampahanana ka Jawa, di hiji pasantrén di lamping Gunung Merbabu (anu ku manéhna disebut Gunung Damalung sarta Pamrihan). Pikeun éta pisan Bujangga Manik kapaksa kudu ninggalkeun deui ambuna.
Bujangga Manik nyokot kantong anu eusina buku gedé (apus ageung) sarta siksaguru, ogé iteuk hoé sarta pecut. Manéhna saterusna ngomong yén baris indit deui ka wétan, ka tungtung wétan pulo Jawa pikeun néangan patempatan pikeun jaga manéhna dikuburkan, pikeun néangan "laut pikeun palid, hiji tempat pikeun pupusna, hiji tempat pikeun ngagolérkeun awakna". Kalayan kecap-kecap anu dramatis ieu anjeunna ninggalkeun karaton sarta mitembeyan pangumbaraan panjangna, sarta henteu kungsi balik deui.Bujangga Manik neruskeun lalampahanana ka wétan, nuliskeun réa pisan ngaran patempatan  anu sawaréh masih dipaké nepi ka kiwari.



 Di cutat di wikipedia

Saduran sakilas Kitab sikksa kanda ng karesyan

Naskah siksa kanda ng karesian

Eusi Sanghyang siksa kanda ng karesyan ngawengku dua bagian. Nu kahiji disebut Dasakreta salaku "kundangeun urang réa" (ajaran ahlak jeung pancén unggal jalma), sedengkeun nu kadua disebut Darma pitutur nu eusina hal-hal ngeunaan pangaweruh nu sawadina dipimilik ku unggal jalma sangkan hirupna mawa guna di dunya.
Najan pustaka ieu nyebut manéh "karesyan", eusina mah teu ukur ngeunaan kahirupan kaom agamawan, malah loba nu patali jeung kaparigelan hirup nurutkeun ajaran darma.
Bagian nu patali jeung élmu pangaweruh aya dina darma pitutur, sakumaha kaunggel dina "panganteur" di handap,
"kitu kéh urang janma ini. lamun dék nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur... kalinganya, kita jarangg dék ceta, ulah salah geusan nanya..."
Panganteur ieu tuluy diteruskeun ku medar rupa-rupa pangaweruh: kahirupan tutuwuhan, sasatoan, carita, tembang, kaulinan, carita pantun, lukisan, ukiran, panday, kaén, papasakan, agama, perang jeung siasat perang, jangjawSaduran

 *Kitab Sanghyang Siksa Kandang Karesian*


. Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba : caang jalan panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaomean, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras, nyewana sama wong sarat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, hejo lembok tumuwuh sarba pala wohwohan, dadi na hujan, landing tahun, tumuwuh daek, ma hurip na ujung reya. Inya eta sanghyang sasana kreta di lamba ngaranna.
Ini sanghyang dasa kreta nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasa sila, ya maya-maya sanghyang dasa marga ta, ka retyaksaan na dasa indriya. Ini byakta : ceuli ulang barang denge mo sieup didenge kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenggu utama di pangreungeu.

Mata ulah barang deuleu mo ma sieup dideuleu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinenguh utama ning deuleu.

Kulit ulah dipake gulang-gasehan, ku panas ku tiris, kenana dora bancana, sangkan nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti kulit.

Letah ulah salah nu dirasakeun kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti letah.
Irung ulah salah ambeu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti irung.
Sungut ulah barang carek kenana dora bancana na luna papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilnya ti leungeun.

Suku ulah barang tincak keuna dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti suku.

Payu ulah dipake keter keter kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinegguh utama bijilnya ti payu.

Baga purusa ulah di pake kancoleh kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti baga lawan purusa.
Ya ta sinanuh dasa kreta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh rampes twahna urang reya. Ma ngun twah sang dewa ratu.

Nihan sinangguh dasa prebakti ngaranna. Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, wado bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasa prebakti ngaranna. Terjemahan ini diambil dari Buku : “ Sewaka Darma (Kropak 408), Sanghyang Siksakandang Karesian (Kropak 630), Amanat Galunggung (Kropak 632), Transkripsi dan Terjemahan” oleh Saleh Danasasmita, Ayatrohaedi, Tien Wartini, Undang Ahmad Darsa.
okan, jampé, palintangan, nagara, jsb.
Pustaka ieu nyebutkeun yén di wilayah karajaan Sunda dina mangsa harita geus mikawanoh rupa-rupa basa: ayana kasab jurubasa darmamurcaya sarta disebutkeunana basa-basa deungeun kayaning Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Makasar, Pahang, Kalantan, Maluku, Jawa, Campa, jsb.



Minggu, 17 Juni 2012

silsilah karajaan galuh


Sumanget Sumedang


Sumanget Ka Sumedangan
Tara Ngukut Kanti Risi
Tara Reuwas Ku Beja
Sikepna Titih Carincing
Jauh Tina Hiri Dengki
Nyekel Tetekon Nu Luhung
Gagah Bedas Tanpa Lawan
Handap Asor Hade Budi
Kasabaran Nyata Elmu Katunggalan


Silsilah Kerajaan sumedang larang 

  kerajaan galuh

 slsilah raja galuh 

Dina hasil rarabina Wretikandayun jeung  CandraResmi boga budak tilu nyaeta :
Sempak Waja ,Jantaka,Mandiminyak .
Ti Sempak waja Nyeta Purbasora,Wijayakusumajeung Premanadikusuma anu jadi salaki Naganingrum.
Ti Jantaka turun ka Balangantrang,Sekarkencana,jeung Naganingrum anu rarabi jeung premanadikusuma
Premanadikusuma jeung Naga ningrum boga budak ngarana Manarah cikal bakal raja kahareupna.Manarah rarabi jeung Kancana Wangi turunan ti Kreta menggala,boga budak ngarana Puspa Sari jeung Manisri boga budak ngarana Tri Wulan jeung Welengan.Anu turunana nyaeta Lingga Bumi.


Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, dipisahkeun ku walungan Citarum.
Galuh mangrupakeun hiji karajaan Sunda di pulo Jawa, nu wilayahna antara walungan Citarum di beulah kulon sarta Cipamali di beulah wétan. Karajaan ieu mangrupakeun panerus Kendan, bawahan Tarumanagara.
Carita ngeunaan Galuh aya dina Carita Parahiyangan, naskah Sunda nu dijieun kira abad ka-16. Dina éta naskah, carita ngeunaan Galuh téh dimimitian ti mangsa Rahiyangta ri Medangjati nu ngarajaresi salila lima welas taun. Salajengna, kakawasaan ieu diwariskeun ka putrana di Galuh, Sang Wretikandayun.
Nalika Linggawarman, raja Tarumanagara nu ngawasa ti taun 666 M pupus (669), kakawasaan Tarumanagara ragrag ka Tarusbawa, minantuna ti Sundapura, salasahiji wilayah bawahan Tarumanagara. Ku sabab Tarubawa mindahkeun kakawasaan Tarumanagara ka Sundapura, pihak Galuh, dipingpin ku Wretikandayun (ngawasa ti taun 612), milih ngadeg salaku karajaan mandiri. Anapon pikeun babagi wilayah, Galuh jeung Sunda sapuk ngajadikeun walungan Citarum salaku watesna.

Karajaan kembar

Wretikandayun boga tilu putra lalaki: Rahiyang Sempakwaja (jadi resiguru di Galunggung), Rahiyang Kidul (jadi resi di Denuh), jeung Rahiyang Mandiminyak. Sanggeus ngawasa Galuh salila salapan puluh taun (612-702), Wretikandayun disilih ku Rahiyang Mandiminyak, putrana anu bungsu, sabab dua lanceukna jadi resiguru.
Ti Nay Pwahaci Rababu, Sempakwaja gaduh dua putra: Demunawan jeung Purbasora. Alatan kagoda ku kageulisan dahuanana, Mandiminyak nepi ka kaséréd kana lampah nirca, nu ngalahirkeun Séna (atawa Sang Salah). Sedengkeun ti istrina, Déwi Parwati, putra Ratu Sima jeung Raja Kartikeyasingha, Mandiminyak gaduh putra istri nu ngaranna Sannaha. Sannaha jeung Séna ieu lajeng nikah, sarta gaduh putra nu dingaranan Rakryan Jambri (atawa katelah Sanjaya).
Kakawasaan Galuh nu diwariskeun ka Mandiminyak (702-709), lajeng diteruskeun ku Séna. Kusabab ngarasa boga hak mahkota ti Sempakwaja, Demunawan jeung Purbasora ngarebut kakawasaan Galuh ti Séna (taun 716). Alatan kausir, Séna jeung kulawargana lajeung ngungsi ka Marapi di beulah wétan, lajeng nikah ka Déwi Citrakirana, putra Sang Resi Padmahariwangsa, raja Indraprahasta.

Kabupaten Galuh Ciamis, Kajayaan Jaman Kangjeng Prebu.

Bupati Galuh anu kagenepwelas ieu teh komarana mancur, jenengan nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan elmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara laten. Marentah adil palamarta, wedi asih ka rahayat. Opatpuluhtujuh taun lamina Raden Aduipati Aria Kusumadiningrat ngaheuyeuk dayeuh Galuh Ciamis (1839-1886)
Pamarentah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa tea. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 oge geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan anu tumali jeung komoditi kopi teh. Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk cimata, cenah geuning "Dengkleung dengdek, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun saderek, ulah rek dihareureuyan", gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancen gawe tanam paksa. Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sejen saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Tetela di Kabupaten Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat teh, tapi oge nila. Proyek nila ieu pisan anu nimbulkeun insiden Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana teh.
Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu bae Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokioprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopoena kudu ngagugulung kebon kopi jeung enteh. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dengdek teh, almarhum Kang Pepe Syafe'i R.A. nyarios ka MANGLE basa ngawangkong salse di perkebunan Sineumbra pakidulan Bandung, jaman Administraturna Max Salhuteru anu gede kamelang kana kahirupan seni budaya tradisional Sunda. Pepe Syafe'I dipentes kudu maluruh sajarah lahirna kawih dramatis dengkleung Dengdek ku Administraturna.
Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tega nyaksian rahayat kasiksa ku talajak pamarentah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gawe tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, enggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersier jeung sekunder katut dam-dam anu tohaga. Tepi ka ayeuna aya keneh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.
Saterusna Bupati anu beunghar ku elmu panemu turta henteu tiasa kulem samemeh babakti ka rahayatna teh, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon panganten lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat panganten ngawalan rumah tangga.
Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis morontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila oge Ciamis sohor jadi gudang kalapa pangma'murna di Priangan wetan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeun ku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yen jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin oge kantun ngaran, sumawonna nu sejenna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadeseh ku minyak kalapa sawit jeung minyak goreng sejenna .
Sakola Sunda. Ti taun 1853 Kangjeng Prebu linggihna di karaton Selagangga anu dijieun tina kai Jati anu kuat. Lega lahan tempat karaton ngadeg legana sahektar, aya empang anu laukna tingghudibeg, di antarana aya babalongan aer mancur, turut sisina dipelakan kekembangan anu arendah. Di bagian sejen karaton, aya kaputren, tempat para putri Bupati. Di kompleks karaton oge aya masigit. Taun 1872 di kompleks karaton ieu diwangun jambansari jeung pamakaman kulawarga Bupati. Kiduleun pamakaman aya situ anu saterusna dikaramatkeun pisan, baheula mah taya anu wani nyapirakeun, urang Galuh percaya cai situ ngandung hasiat saperti anu dikotretkeun ku Kangjeng Prebu dina guguritanana, Jamban tinakdir Yang Agung, caina tanba panyakit, amal jariah kaula, bupati Galuh Ciamis, Aria Kusumahdiningrat, medali mas pajeng kuning."
Nurutkeun para menak Galuh jaman ayeuna mah, pangpangna rundayan Kangjeng Prebu, jaman baheula mah ieu guguritan nu disusun dina pupuh Kinanti teh sok dihariringkeun ku barudak sakola rayat. Sajaba ti wangunan keur kapentingan kulawrga Bupati, Kangjeng Prebu oge ngageder ngawangun gedong-gedong pamarentahan jeung sarana sejenna. Antara taun 1859 tepi ka 1877 mah pangwangunan tatar Galuh taya ngasona. Mimiti diwangun gedong kabupaten anu agreng, perenahna di gedong DPRD ayeuna, malik ngaler. Terus gedong keur Asisten Residen, anu ayeuna jadi gedong nagara atawa gedong kabupaten, sakaligus tempat lingguhna Bupati sakulawarga. Wawangunan sejenna, tangsi militer, panjara, masjid agung, gedong keur kontrolir jeung kantor telepun.
Luar biasana Kangjeng Prebu, taya sarupa oge sarana kapentingan masarakat anu kaluli-luli atawa anu anjeunna lali. Pendidikan dinomer hijikeun ku Bupati anu maher basa Perancis teh. Pikeun pendidikan para putrana jeung kadang kulawarga Bupati, ngahaja mayar guru Walanda, J.A.Uikens jeung J. Bl;andergroen ka kabupaten, pancenna ngajar maca jeung nyarita ku basa Walanda. Taun 1862 Kangjeng Dalem ngadegkeun Sakola Sunda. Taun 1874 Sakola Sunda anu kadua ngadeg di Kawali. Ieu teh sakola munggaran di Tatar Sunda. Dina enggoning ngamekarkeun agama Islam, Kangjeng Prebu kagungan jurus-jurus nu wijaksana pisan. Pangpangna dina enggoning ngaleunguitkeun kapercayaan sabagian masarakat anu masih keneh nyarimpen sesembahan mangrupa arca batu anu jangkungna satangtung manusa. Kangjeng Prebu maranti sok ngayakeun silaturahmi jeung pangaosan, ngahaja ngeprik masarakat.
Tah, dina waktu ririungan saperti kieu anjeunna umajak ka rahayatna supaya rahayat saban-saban arek ka pangaosan jeung ririungan, marawa arca anu aya di imahna masing-masing . Urang hijikeun jeung anu kaula da kaula oge boga, dawuhna teh. Rayat anu alajrih, satuhu tur kumereb ka pangawulaan teh, barungaheun we dititah marawa arca teh. Jalujur ngaku di imahna aya arca. Atuh teu kungsi lila oge di imah-imah rayat teh geus teu aya deui arca anu disimpen dimumule. Masarakat ayeuna mah bener-bener aribadahna jeung teu kendat muji kaagungan Allah. Islam mencar mekar satatar Galuh. Ari arca mah saterusna dibrugbrugkeun we di Jambansari, sakurilingna dipelakan tangkal waregu, jadi karimbunan. Eta sababna tepi ka ayeuna loba arca di pamakaman Kangjeng Prebu di Selagangga tea.
Kangeng Prebu teh Bupati munggaran di Tatar Sunda anu tiasa maca aksara laten, sajaba ti kitu, elmu kabatinanana luhur. Ceuk saujaring carita anu mekar di kalangan masarakat Galuh Ciamis, Kangjeng Prebu oge ngawasa mahluk gaib anu sohor disebutna ONOM di Ciamis mah. Taun 1861 jalan caturkeun kareta api rek dibuka pikeun nunjang lancarna patalimarga, ti Tasikmalaya ka Manonjaya, Cimaragas, Banjar terus bangblas ka Jogjakarta. Kangjeng Prebu enggal ngadugikeun panuhun, supaya jalan kareta api teh liwat ka kota Galuh puseur dayeuh kabupaten, ulah liwat cimaragas- Manonjaya. Waragadna memang jadi gede sabab eyeuna mah kudu mnyieun jambatan panjang lebah Cirahong jeung Karangpucung. Tapi ahirna Walanda eleh deet, panuhun Kangjeng Prebu ditarima. Najan setatsionna meunang nyieun Walanda teh ayeuna narikolot, tapi Ciamis diliwatan kareta api, di antarana kareta api Galuh. Taun 1886 Kangjeng Prebu lengser kaprabon, kalungguhanana diteraskeun ku putrana nu sohor jenenganana Raden Adipati Aria Kusumasubrata.
Tapi sanaos parantos pangsiun, Kangjeng Prebu teu ngaso ucang-ucang dina korsi goyang. Anjeunna masih keneh teras bebenah jeung ngawangun Galuh Ciamis. Dina jamanna keneh, Undang-undang Agraria mimiti dipake, peresisna taun 1870. Nya ti harita investor arasup, henteu risi ngaluarkeun modal gede keur muka usaha-usaha perkebunan pangpangna. Kulantaran kitu, di Galuh Ciamis loba perkebunan sewasta, di antarana Lemah Neundeut, Bangkelung, Gunung Bitung, Panawangan, Damarcaang jeung Sindangrasa. Taun 1915 Kabupaten Galuh sacara resmi kaereh ka Karsidenan Priangan, sacara resmi disebutna jadi Kabupaten Ciamis. 1 Januari 1926 Jawa dibagi jadi tilu propinsi, Jabar, Jateng, Jatim. Jawa Barat dipenggel jadi lima karsidenan, 18 Kabupaten jeung genep kotapraja. Ciamis saterusna kaereh ka Karsidenan Priangan Timur. Saenyana di lokasi karaton Selagangga oge Kangjeng Prebu teh ngadamel masigit agreng anu dipercayakeun pikeun ngurus katut ngahirupkeunana ka Haji Abdul Karim. Keur kamekaran agama Islam, Bupati Galuh anu masagi dina elmuna teh, marentahkeun ka para Kapala Desa suaya di tiap desa aya masigit, sajaba ti keur ibadah sacara umum, oge keur tempat barudak jeung nonoman diajar ngaji jeung elmu kaagamaan. Cindekna ngawangun mental spiritual masarakat. Masdjid Selagangga teh kacida kaimpunganana ku para nonoman.
Tapi ayeuna mah ngan kantun makam kulawarga jeung Jambansari anu ngan kari sacangkewok, situ nu perenahna beh kulon mah geus taya tapak-tapakna acan, da baheula mah dua situ teh, beulah wetan jeung beulah kulon. Ayeuna geus robah jadi lembur. Baheulana mah tanah beulah kulon teh kagungan para putra sareng putu Snouck Hurgronye, beulah wetanna tapel wates jeung Jambansari Ayeuna jadi lembur. Pamakaman Kangjeng Prebu mah tepi ka ayeuna diurus dimumule jeung dipualasara ku Yayasan nu dipupuhuan ku Toyo Djayakusuma. Ka tukang-tukang ngalaman ngalanglayung kurang urus lantaran kurang waragad. Jambansari meh ilang sari. Kaemper-emper ka Jakarta ka kulawarga Mentri PU (harita) Ir.Radinal Muchtar. Nya ku kulawarga Radinal Muchtar dibebenah diomean dipasieup deui dijungjungkeun komarana. Naha Radinal, kapan anjeunna teh putra Minang ? Memang leres Ir.Radinal putra minang, tapi garwana mah terahing menak Galuh Ciamis, rundayan Kangjeng Prebu. Jadi, ngaraos ngiring tanggel waler geusan mulasara, ngamumule pamakaman jeung komplek Jambansari anu ku rayat Galuh kacida dimulyakeunana. Aya anu rada ngagasruk kana mamaras rasa urang Galuh Ciamis, pangpangna anu darumuk di Jalan Selagangga, sabudeureun komplek pamakaman jeung Jambansari, alatan Jalan Selagangga diganti jadi Jalan KHA.Dahlan ngalap kana jenengan inohong Nahdatul Ulama. Najan kitu urang Galuh mah pageuh we nyarebutna Selagangga, sabab di dieu teh aya patilasan Kangjeng Prebu . Malah ayeuna sabada Ciamis ganti bupati, putra Panjalu anu diharepkeun adil palamarta wijak tur toweksa ka rahayatna. Bari tetep luhur ngahormat KHA.Dahlan, kacida diharepkeunana, Bupati anyar eungeuh kana kaluhuran sajarah Galuh Ciamisna. Bupati anyar dipentes gawe mulya mulangkeun ngaran jalan KHA Dahlan jadi Jalan SELAGANGGA deui. Sabab ieu jalan ngandung sajarah penting. Nya di dieu baheula mimiti ngadegna karaton Galuh, di dieu Kangjeng Prebu linggihna, ti dieu anjeunna
Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.




ngalelemah dayeuh Galuh Ciamis, ti dieu oge kawijakan-kawijakan lungsur, jeung di dieu wapatna Bupati Ciamis anu pangkongasna beunghar ku elmu panemu, boh lahir boh batin, turta pinter meakeun batur teh. Dipendemna oge di pamakaman Sirnayasa (Jambansari) Selagangga. Asa teu aya alesan nu bisa ditarima upama Jalan Selagangga kudu diganti.

Ciung Wanara 

Naskah Buhun Sareung Naskah Kuningan


Naskah Buhun

  
Déh nihan Carita Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.

II
Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat Resi Makandria. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna. Carék éwéna, "Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak." Carék Bagawat Resi Makandria, "Dianak ku waya, ja éwé ogé  hanteu." Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, "Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka Kéndan." Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi Guru, "Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka dinih?" - "Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami  kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang hanteu di na anak." Carék Sang Resi Guru, "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking." Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru,  "Étén anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari Jabung." Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.


III
Carék Sang Mangukuhan, "Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka tegal." Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing nu numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun. Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.

IV
Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan, Rahiyangtang Kulikuli ; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan ; Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi ; Sang Sandanggreba diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit. Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti. Lawasniya ratu salapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg kana goréng twah. Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.

V
Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak. Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di Galuh. Carék Sang Resi Guru, "Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga  éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna inya pideungeuneun siya satapa." Sang Resi ngagisik tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang Sempakwaja, eukeur melit. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Na naha jalalang bodas éta ?" Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi di Sanghiyang Talaga Candana. Carék Rahiyang Sempakwaja, "Ti mana kéh, éta nu mandi ?" Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.

VI
Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel. Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, na saha éta?" "Béjana nu ngigel di buruan ageung." "Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!" Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.

VII
Carék Rahiyang Sempakwaja, "Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah." Leumpang Pwah Rababu ka Galuh. "Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu aing téh." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Anak aing tu kita, Sang Salah." Carék Rahiyangtang Mandiminyak, "Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan. Bawa ka tegal!" Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang aprama tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. "Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!" Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.

VIII
Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri. Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?" Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora." "Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan siya leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda." Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, "Saha siya?" "Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru." Dibikeun ku Rabuyut Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora. Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.

IX
Carék Rahiyang Sanjaya, "Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!" Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, "Na naha béja siya, Sang Apatih?" "Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang Purbasora." Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji  Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya ; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti." Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang Sanjaya. "Dara aing para dinih, digérékan. Éléh pun kami." Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?" "Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami. Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.

X
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, "Mawa pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding satempahan, bras sapadangan." Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, "Naha béja siya ?" "Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang  Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan." "Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding satémpahan, kawali wesi, bras sapadangan." Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, "Naha béja siya, Pakembangan?" "Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan." Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang Guru, "Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan katuduh. Ja aing anak déwata." Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara Dangiyang Guru. Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan. Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur. Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja. Buyuthadén Pager gunung di Muntur. Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di Kuningan.

XI
Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati. Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak sapilanceukan. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja. Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja. Ujar Rahiyang Sanjaya, "Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing aki, sang apatih!" Ujar sang apatih, "Mangka dapet deui urang  nyayangan Sanghiyang Darmasiksa, mulah mo déngé!" Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, "Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!" Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar, diprang, éléh sang ratu Bima. Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.

XII
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma diArile, diheueumdeungna para patih; gusti winekasan pangajaran kaparamartan. "Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya." Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h). "Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut Rahiyangtang Kuku." Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung, disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya." Ujar sang apatih, "Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang." Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum deungna para patih kalih. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?"

XIII
Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja. Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahingadegkeun haji sang manitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang Kuning. Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, "Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang ?. Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang, dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga." Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun bakti ka Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, "Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka dinih?" Ujar sang apatih, "Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?" Carék Rahiyangtang Kuku, "U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya." Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, "Aki, kumaha carék Rahiyangtang Kuku ka urang?" "Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,  gawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana. Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi anak déwata. Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka. Sabdana tangkarah, "Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na caturyuga." "Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli, Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya." Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata. "Urang ka nusa Demba!" Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati. Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku. Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari. Manguni : "Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?" Tuluy ka Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih. Tanyana: "Mana?" "Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring dalem hanteu pulang deui. Dah Rahiyang Sanjaya: "Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu tangkarah : "Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda." Dah sedeng pulang  Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah. Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan: "Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya." Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.

XV
Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma ti wétan. Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang  Tamperan, dwa sapilanceukan denung Rahiyang Banga. Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang Banga ku Sang Manarah. Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan. Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu. Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama. Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun. Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.

XVI
Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya. Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya : "Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati." Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri – bima -untarayanamadura - suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata. Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana raja utama. Lawasniya ratu saratus tahun.

XVII
Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener. Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun. Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun. Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé. Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun. Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun. Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun. Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun. Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah rampés, turun na kretayuga. Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan. Ti naha bagina? Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan Sanghiyang Siksa. Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun. Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.

XVIII
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten,  ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit. Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés na agama, kretajuga. Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai. Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata. Nu di tiru ogé paké Sanghiyang Indra, ruku ta. Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh. Nya mana sang rama énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg manu-rajasuniya. Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun, kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.

XIX
Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan tahun. Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.

XX
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

XXI
Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka. Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung. Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang. Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring sagara. Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta précinta. Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.

XXII
Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha, asampé ring sang pandita. Aja tinut dé sang kawuri, polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.

XXIII
Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.

XXIV
Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu ngayuga sanghara, kreta, kreta. Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké lamaniya manggirang, lumekas madumdum cereng. Manga nugraha weka, hatina nunda wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan. Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup ka sangkan beunghar. Lawasniya ratu genepwelas tahun.

XXV
Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa, tembey datang na prebeda. Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam. Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam. Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon, pun.
***

rahiang Banga lawasna ngadeg ratu tujuh taun, lantaran polahna hanteu didasarkeun kana adat  kabiasaan anu  bener. - Rakean di Medang lilana ngadeg ratu tujuh taun. - Rakeanta Diwus lilana jadi ratu opatlikur taun. - Rakeanta Wuwus lilana jadi ratu tujuhpuluh dua taun. - Nu hilang di Hujung Cariang lilana jadi ratu taun, kaopatna teu cucud, lantaran salah lampah, daek ngala awewe ku  awewe. - Rakean Gendang lilana jadi ratu tilulikur taun. - Dewa Sanghiang lilana jadi ratu tujuh taun. - Prebu Sanghiang lilana jadi ratu sawelas taun. - Prebu Datia Maharaja lilana jadi ratu tujuh taun.

 Prasasti Cibadak

Batu tersebut saat ini disimpan di Musium pusat, diberi nomor D-73, D-96, D-97 dan D-98.

D 73 :
//O// ''Swasti shakawarsatita 952
karttikamasa tithi dwadashi shuklapa-
ksa. ha. ka. ra. wara tambir. iri-
ka diwasha nira prahajyan sunda ma-
haraja shri jayabhupati jayamana-
hen wisnumurtti samarawijaya shaka-
labhuwanamandaleswaranindita harogowardhana wikra-
mottunggadewa, ma-''

D 96 :
gaway tepek i purwa sanghyang tapak
ginaway denira shri jayabhupati prahajyan
sunda. mwang tan hanani baryya baryya cila. I
rikang lwah tan pangalapa ikan sesini lwah.
Makahingan sanghyang tapak wates kapujan
i hulu, i sor makahingan ia sanghyang tapak
wates kapujan i wungkalagong kalih
matangyan pinagawayaken pra-
sasti pagepageh. mangmang sapatha.'

D 97 :
sumpah denira prahajyan
sunda. lwirnya nihan.

D 98 :
indah ta kita kamung hyang hara agasti phurbba
daksina paccima uttara agniya neri-
ti bayabya aicanya urddhadah rawi caci patala jala
pawana
hutanasanapah bhayu akaca teja sanghyang mahoratra
saddhya yaksa raksa-
sapicara preta sura garuda graha kinara mahoraga
catwara lokapala
yama baruna kuwera bacawa mwang putra dewata pan-
ca kucika nandiwara mahakala du-
rggadewi ananta surindra anakta hyang kalamrtyu
gana bhuta sang prasidha milu manarira
umasuki sarwwajanma ata regnyaken iking sapatha
samaya sumpah pamangmang na lebu ni pa-
duka haji i sunda irikita kamung hyang kabeh .......
paka-
dya umalapa ikan .......
i sanghyang tapak ya
patyananta ya kamung hyang denta
t patiya siwak kapalanya cucup uteknya belah dada
mya imun rahnya
rantan ususnya wekasaken pranantika ......
...... i sanghyang kabeh
tawathana wwang baribari cila irikang Iwah i
sanghyang tapak apan
iwak pakan parnnahnya kapangguh i sanghyang ...
..... maneh kaliliran
paknanya kateke dlaha ning dlaha ....
.... paduka haji sunda umade-
makna kadarman .... ing samangkana wekawet
paduka haji sunda sanggum
nti ring kulit kata karmanah ing kanang ...
... i sanghyang tapak makatepa
iwah watesnya i hulu i sanghyang tapak i ....
...... i hilir mahingan i-
Rikang ..... umpi ing wungkal gde kalih. I
Wruhhanta kamung
hyang kabeh.
   Kaping telu iku rara,
deng penther ing tingal jati,
deng awas ajalullah,
kang luhur enggonira balik,
parwa sukma sajati,
ing mangko sukma sumurup,
maring jasmani nira,
ajir balik sukma sajati,
antepena dingin sukma mangko sukma.

Naskah Kuningan

Besuk ya sukma wisesa,
orana lian maning,
kaping pate iku rara,
deng idhep patuting pati,
titipaning yang widhi,
pakon cegah lan pitutur,
kinon idhep anembah,
olekena iku nini,
maring kang due titipan dipun pasrah.

  Sakehing pangidhep pira,
serahena ming kang den idhepi,
terusana ing sipat,
dingin idhep mangko uning,
ing besuk apa maning,
ora lian idhep iku,
kaping limane rara,
leburing papan lan tulis,
dipun teges paworing badan lan nyawa.

  Paworing nyawa lan rasa,
tunggal ing dzat jati,
terusana sipat nira,
leburing badan dumadi,
kari nyawa ruhani,
leburing nyawa tumulus,